Senin, 09 November 2015

Pepeling



Kungsi aya pasini urang janji rek mupusti
Kungsi tigin saati urang gempung rek ngahiji
Nuj jangji kunaon geuning sulaya ?
Nu jangji kunaon biluk jeung deungeun ?
Nu jangji kunaon ilang tangtungan ?
Asal hiji jadi udar….asl dulur jadi batur
Pangburisat ngudag pangkat, tega ngahianat
Perang jeung dulur sorangan
Asal meunang….

Aya nu seuri mateni batur sorangan
Aya nu nyeuri di tigas dulur sorangan

Tangtung urang rek kamana ?
Tangtung urang rek kumaha ?
Tangtung urang rek di mana ?
Tangtung urang rek keur saha ?

Urang lain jeung nu lian
Titis tulis sarundayan
Najan beda pamadegan
Ulah poho ka wiwitan !!!!!!!!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar